Kumaha watek nu aya dina unggal pupuh teh?

Posted on

Kumaha watek nu aya dina unggal pupuh teh?

Jawaban:

1. Kumaha watek nu aya dina unggal pupuh teh?

= (Jawaban Napel/Jawaban Terlampir)

Penjelasan:

Pupuh durma teh nyaeta salahsahiji pupuh nu aya. Aya 17 rupa pupuh. Jadi, pananya di luhur teh meureun maksudna mah "Tuliskeun 17 pupuh jeung watakna!". Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa dipake dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu sok biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan.

Aya dua kelompok pupuh nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina nepikeunana pupuh teh sok dihaleuangkeun ku ngagunakeun tembang, kukituna pupuh sok disebut oge tembang. Di handap ieu nyaeta ngaran 17 pupuh nu aya jeung watak atawa watekna:

1. Kinanti, watekna aya rasa ngadagoan, deudeupeun, atawa aya rasa kanyaah.

2. Sinom, watekna senang, gumbira, kadeudeuh.

3. Asmarandana, watekna birahi, silih asih

4. Dangdanggula, watekna agung, agem, bungah, langen, manis.

5. Magatru, watekna prihatin, lulucon, panyelang

6. Pangkur, watekna keuheul, taki-taki (rek perang), lumampah

7. Durma, watekna rasa ambek, nafsu, pasea, perang, sumanget (biasana naeruskeun pupuh pangkur)

8. Mijil, watekna simpe, tiiseun, cilaka, sedih, bingung

9. Maskumambang, watekna sasambat, nyeri, nalangsa, ceurik

10. Pucung, watekna kaget, aling, wiwirang, kacingcirihi

11. Wirangrong, watekna bobodoran, pikaseurieun

12. Balakbak, watekna bobodoran, pikaseurieun

13. Gambuh, watekna bingung, samar polah

14. Lambang, watekna meh cara balakbak, hereuy, gogonjakan, tapi leuwih mijah ti balakbak jeung ladrang

15. Ladrang, watekna banyol, heureuy, gogonjakan

16. Gurisa, watekna lulucon, tambah kesel, pangangguran

17. Jurudeumung, watekna kaduhung, hanjakal, hanjelu

Sanajan unggal pupuh teh miboga watek sewang-sewangan, dina prak-prakanna mah dina pupuh teh bisa watek naon wae, saperti bisa ditilik dina soal-soal pangajaran nu aya di handap.

Belajar lebih banyak tentang "Pupuh" dalam bahasa Sunda di:

brainly.co.id/tugas/14088226

brainly.co.id/tugas/14125725

brainly.co.id/tugas/5868245

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Guguritan

Kelas : – (SD)

Kata Kunci : Pupuh, guguritan, durma