Moal rugi ngaluarkeun eusi pesak,naon maksudna?

Posted on

Moal rugi ngaluarkeun eusi pesak,naon maksudna?

Jawaban Terkonfirmasi

Kalimah eta mangrupa kalimah nu aya dina lagu Colenak. Maksud nu sabenerna tina kalimah moal rugi ngaluarkeun eusi pesak teh nyaeta moal rugi ngaluarkeun duit. Kalimah dina lagu colek eta teh nyaeta kalimah nu ngagunakeun kecap konotatif "eusi pesak". Kecap konotatif tina "eusi pesak" nyaeta duit. Sabab sacara kecap denotatif, kecap "eusi pesak" teh eusina bisa moal duit wungkul. Bisa wae eusi pesak teh mangrupa sapu tangan atawa konci mobil. Kusabab "eusi pesak" dina kalimah eta mangrupa kecap konotatif, makana kecap eta harti konotatifna nyaeta duit.