Naha hasil seni budaya urang loba anu diaku ku deungeun?

Posted on

Naha hasil seni budaya urang loba anu diaku ku deungeun?

Jawaban Terkonfirmasi

Hasil seni budaya urang loba anu diaku ku bagsa deungeun salah sahiji sabab utamana mah nyaeta urang kurang bisa ngamumule atawa ngahargaan kana seni budaya urang sorangan. Padahal sabenerna mah loba pisan seni budaya urang teh anu miboga nilai seni anu luhur. Tapi urang lolobana henteu sadar kana kaluhuran nilai seni budaya urang.

Kadang-kadang urang sok malah ngarasa reueus kana seni budaya bangsa dengeun, saperti reueus kana seni budaya nu asalna ti barat. Kukituna urang kudu bisa ngajaga jeung ngamumule seni budaya urang sorangan. Sabab boro-boro seni budaya, pulau-pulau oge umpama henteu dirawat jeung dicicingan ku urang pan bisa diaku ku bangsa deungeun.

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Bahasan Budaya Sunda

Kelas : VIII (2 SMP)

Kata Kunci : Seni budaya