Naon jejer atawa tema dina guguritan asih indung ?

Posted on

Naon jejer atawa tema dina guguritan asih indung ?

Jawaban Terkonfirmasi

Umpama ditilik tina eusina, guguritan nyaeta puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Sedengkeun puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti mantra, sisindiran, sajak, kawih jeung kakawihan.

Guguritan nyaeta wangun puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebutna "guru lagu" jeung guru wilangan. Dina pupuh, aya 17 rupa pupuh, anu dibagi jadi dua kelompok, nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit.

Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh, sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasana dinyanyikeun ku ngagunakeun leuewih ti hiji lagu atawa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasana dinyanyikeun ku ngagunakeun hiji lagu atawa tembang wungkul.

Salian ti kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan anu aya dina pupuh, salaku karya sastra wangun puisi, guguritan oge ngabogaan unsur intrinsik. Unsur intrinsik nu aya dina guguritan nyaeta tema atawa jejer, nada, rasa, jeung amanat.

Sacara singget, tema nyaeta gagasan poko anu hayang ditepikeun ku pangarang guguritan. Nada nyaeta sikep pengarang guguritan kana guguritan anu dijieunna. Rasa nyaeta hal-hal anu ngajiwaan eusi guguritan. Amanat nyaeta pasualan atawa perkara anu hayang ditepikeun ku pengarang guguritan.

Umpama nilik kana tema guguritan Asih Indung, anu jadi jejer atawa tema dina guguritan Asih Indung teh nyaeta silih asih, nyaeta ngeunaan kanyaah indung ka anu jadi anakna. Kanyaah indung ka anakna teh dikedalkeun ku doa beurang peuting jeung ku mere papatah atawa piwuruk ka anakna dina ngalakonan hirup.