Naon nu dimaksud panumbu catur

Posted on

Naon nu dimaksud panumbu catur

Jawaban Terkonfirmasi

Panumbu catur hartina sarua jeung moderator. Tugas panumbu catur nyaeta ngatur jalanna sawala atawa diskusi. Dina basa Sunda aya istilah anu disebut paguneman. Paguneman nyaeta ngawangkong atawa ngobrol dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, ngagunakeun kalimah langsung. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguenam resmi jeung paguneman teu resmi.

Conto paguneman resmi nyaeta saperti diskusi atawa sawala. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti nagawangkong sapopoe jeung babaturan atawa kolot sorangan. Dina diskusi atawa sawala, cacarita ataw ngawangkongna aya anu ngatur. Anu ngatur jalanna cacarita dina paguneman sawala nyaeta panumbu catur atawa moderator. Salian ti moderator, dina sawala aya pamilon jeung kadang-kadang aya oge girang serat.