Naon nu dimaksud sisindiran

Posted on

Naon nu dimaksud sisindiran

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :

Sisindiran nyaeta salahsahiji wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Umpama dina sastra Indonesia mah sisindiran teh siga atawa sarupa jeung pantun. Ditilik tina wangun rumpakana, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan.

Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaeta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran nu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan.