Naon nu disebut sisindiran teh? kumaha patalina jeung pantun dina sastra indonesia?

Posted on

Naon nu disebut sisindiran teh? kumaha patalina jeung pantun dina sastra indonesia?

Jawaban Terkonfirmasi

Naon nu disebut sisindiran teh?, kumaha patalina jeung pantun dina sastra indonesia?

Jawaban

Pendahuluan

Sisindiran nyaeta ngaran pantun khusus anu asalna ti daerah Sunda, Sedengkeun pantun nyaeta ngaran umum pikeun wangu puisi anu miboga bagian sampiran jeun eusi. Dina wangun puisi Sunda sisindiran kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita saperti sajak, guguritan jeung mantra. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

Pembahasan

Sacara umum, sisindiran jeung pantun dina sastra Indonesia sarua nyaeta karya sastra dina wangun puisi anu eusina miboga bagian anu disebut cangkang atawa sampiran jeung eusi. Tapi, sacara khusus sisindiran jeung pantun aya bedana. Aya tilu rupa siisndiran, nyaeta paparikan , rarakitan jeung wawangsalan. Sedengkeun pantun ngan aya sahiji rupa, sanajan aya oge anu disebut Karmila jeung Talibun.

Dina sapadalisan sisindiran biasanya aya dalapan engang, sedengkeun dina sapadalisan pantun bisa aya dalapan nepika 12 engang. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat baris, dina sapada wawangsalan aya dua baris. Sedengkeun dina sapada pantun biasana aya opat baris, sedengkeun dina Talibun bisa aya genep padalisan atawa leuwih. Sedengkeun dina karmila ngan aya dua padalisan.  

Kesimpulan

Dina sastra Sunda oge aya wangun puisi anu disebut carita pantun. Sanajan sisindiran teh rek sarua jeung pantun anu miboga bagian cangkang jeung eusi, tapi carita pantun anu aya dina puisi Sunda beda jeung sisindiran. Carita pantun eusina mangrupa carita sedengkeun sisindiran eusina henteu mangrupa carita.

Pelajari lebih lanjut

1. Rupa rupa sisindiran brainly.co.id/tugas/11754912

2. Bagian-bagian sisindiran brainly.co.id/tugas/12839746

3. Contoh pantun menyindir sifat teman brainly.co.id/tugas/13484791

—–

Detil Jawaban

Kelas : VIII (2 SMP)

Mapel : Bahasa Sunda – Sisindiran

Bab : 4

Kode : 8.13.4 Kata Kunci : Sisindiran, pantun, paparikan, rarakitan, wawangsalan, karmila, talibun