Naon nu ngabedakeun antara iklan tinulis,iklan dina radio jeung iklan dina tv? hég jéntrékeun,!

Posted on

Naon nu ngabedakeun antara iklan tinulis,iklan dina radio jeung iklan dina tv? hég jéntrékeun,!

Jawaban Terkonfirmasi

Anu merhatikeun iklan tinulis biasana jalma anu ngaliwat atawa saliwat, sedengkeun anu merhatikeun iklan dina radio jeung iklan dina TV mah biasana jalma anu memang ngahaja keur merhatikeun acara nu aya dina radio atawa TV. Kukituna, sok sering iklan dina radio jeung iklan dina TV mah iklanna mangrupa paguneman atawa dialog. Sedengkeun iklan tinulis mah henteu aya atawa jarang anu mangrupa paguneman. Di handap ieu bedana iklan tunulis, iklan dina radio jeng iklan dina TV sacara leuwih lengkep :

1. Iklan tinulis biasana ditempatkeun di tempat umum anu strategis atawa tempat umu anu negrak nyaeta tempat umum anu katenjo ti sababaraha arah atawa tempat. Sedengkeun iklan radio jeung iklan TV biasana disiarkeun dina acara pavorit pamiarsa nyaeta dina acara anu loba nu mikaresepna.

2. Iklan tinulis eusina mangrupa tulisan kalimah pangajak anu dipasieup ku gambar atawa ilustrasi. Sedengkeun iklan radio eusina kalimah pangajak anu mangrupa sora. Ari iklan TV mah eusina mangrupa kalimah pangajak anu mangrupa sora jeung gambar atawa film. Dina iklan radio jeung TV sora anu aya bisa mangrupa paguneman atawa slogan.

3. Dina iklan tinulis, anu jadi andelan nyaeta pilihan kecap jeung bentuk aksarana. Anu jadi andelan iklan dina radio, salian ti pilihan kecap, nyaeta oge lafal, lentong jeung penjiwaan dina medarkeun iklan. Sedengkeun anu jadi andelan iklan dina TV nyaeta pilihan kecap, lafal, lentong, penjiwaan jeung unsur-unsur sejenna nu aya dina iklan visual anu bisa kaciri.