Naon nu ngabedakeun antara iklan tinulis,iklan radio,jeung iklan di tv

Posted on

Naon nu ngabedakeun antara iklan tinulis,iklan radio,jeung iklan di tv

Jawaban Terkonfirmasi

1. Iklan tinulis ditempatkeun di tempat umum anu strategis atawa negrak nyaeta tempat umum anu kaciri ti sababaraha arah. Iklan radio jeung iklan TV disiarkeun dina acara pavorit pamiarsa nyaeta dina acara anu loba nu mikaresepna.
2. Iklan tinulis eusina tulisan kalimah pangajak anu dipasieup ku gambar jeung ilustrasi. Iklan radio eusina kalimah pangajak anu mangrupa sora. Sedengkeun iklan TV eusina kalimah pangajak anu mangrupa sora jeung gambar atawa film. Dina iklan radio jeung TV sora anu aya bisa mangrupa paguneman atawa slogan.
3. Dina iklan tinulis nu jadi andelan nyaeta pilihan kecap jeung bentuk aksarana. Anu jadi andelan iklan dina radio, salian ti pilihan kecap, oge lafal, lentong jeung penjiwaan dina medarkeun iklan. Sedengkeun anu jadi andelan iklan dina TV nyaeta pilihan kecap, lafal, lentong, penjiwaan jeung unsur-unsur sejenna nu aya dina iklan visual anu bisa kaciri.