Naon pangna Aki Dipa disebut jalma jujur?
1. Naon pangna Aki Dipa disebut jalma jujur?
Jawaban : Sabab tara codéka, jeung salawasna pengkuh kna jangji.
2. Waktu balik ti kota, naha bet kaburitan di jalan?
Jawaban : Sabab lalampahanana jauh jeung taya kendaraan.
3. Naon anu ngalantarankeun Aki Dipa salempang?
Jawaban : Sabab kudu ngaliwat ka jalan anu suni, di dinya téh sok aya bégal.
4. Kumaha sikep Aki Dipa waktu pasanggrok jeung bégal?
Jawaban : Ngarasa reuwas tapi terus neger-neger dirina sorangan bari ngadunga ka Gusti Alloh.
5. Naon sababna bégal téh henteu langsung dilawan?
Jawaban : Sabab bégal téh mawa péstol.
6. Kumaha omongan Aki Dipa ka bégal méméh mikeun duit nu dibawana?
Jawaban : Ménta sangkan bégal méstolan bajuna tepi ka karancang pikeun bukti ka dununganana.
7. Naon sababna bégal téh bet langsung nyanggupan paménta Aki Dipa?
Jawaban : Sabab éta bégal téh bodo.
8. Kumaha akibatna sanggeus bégal béakeun pélor?
Jawaban : Kaayaan jadi tibalik, Aki Dipa ngalawan.
9. Kumaha ahirna nasib Aki Dipa téh?
Jawaban : Salamet.
10. Ceuk pamanggih hidep, naha Aki Dipa téh kaasup jalma wanian?
Jawaban : Henteu, tapi jalma loba akalna.