Naon sababna kawih jeung kakawihan disebut wangun puisi

Posted on

Naon sababna kawih jeung kakawihan disebut wangun puisi

Jawaban Terkonfirmasi

Kawih jeung kakawihan disebut wangun puisi sabab rumpakana ditulis dina wangun padalisan jeung pada, sanajan padalisan jeung pada nu aya dina kawih jeung kakawihan henteu kaiket ku hiji aturan. Aya sawatara lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang.

Sanajan kawih, kakawihan jeung tembanhg teh sarua mangrupakeun karya sastra dina wangun puisi, kawih jeung kakawihan mah mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, sedengkeun tembang mah nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu.

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Kawih

Kelas : VIII (2 SMP)

Kata Kunci : Kawih, kakawihan