Neangan naon eusi sajak pahlawan teh​

Posted on

Neangan naon eusi sajak pahlawan teh​

Jawaban:

Lagu Karatagan Pahlawan, dina seni lalaguan Sunda sok disebut kawih Karatagan Pahlawan. Naon hartina kawih teh ?. Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu henteu kaiket ku aturan. Ditilik tina sastra Sunda, kawih oge mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti aturan nu aya dina pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebutna guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, kawih teh mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.

Dina sastra Sunda, kawih oge sarua saperti sajak Sunda, nyaeta mangrupakeun wangun puisi Sunda anu henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan kawih jeung sajak henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih jeung sajak tetep mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu ngabogaan unsur-unsur saperti unsur tema atawa jejer, rasa, nada jeung amanat.

Eusi tina kawih Karatagan Pahlawan bisa ditilik tina unsur amanat nu aya dina kawih Karatagan Pahlawan. Amanat nu aya dina hiji kawih nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun atawa anu ngarang kawih ka anu ngaregepkeun atawa ka anu maca kawih.

Jadi eusi kawih Karatagan Pahlawan teh nyaeta yen saurang pahlawan mah cadu mundur atawa pantang mulang umpama maksud atawa tujuan acan kalaksanakeun. Saurang pahlawan dina ngabela lemah cai teh nepi ka poho ka kulawarga atawa poho berkeluarga, ngabela lemah cai tampa pamrih, iklas pikeun kamerdekaan bangsa

MAAF KALAU SALAH