Robah kana ragam basa hormat!

Posted on

1. Ayeuna kuring rek indit ka klari
2. Kuring meuli serabi hèjo di rengas dengklok
3. Kang robi kakara datang ti Kutawaluya
4. Bapa kuring mah asalnya ti banyusari
5. Lanceuk kuring jadi guru di ciampel

Robah kana ragam basa hormat!

Jawaban Terkonfirmasi

Kategori Soal : Bahasa Sunda – Tatakrama Basa Sunda

Kelas : – (SMP)

Pembahasan :

Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur anu saluhureun atawa nu dipikahormat. Di handap ieu contoh kalimah dina ragam basa loma anu dirobah kana ragam basa hormat :

1.. Ayeuna kuring rek indit ka Klari, Ayeuna abdi bade mios ka Klari

2. Kuring meuli sorabi hejo di Rengas Dengklok, Abdi meser sorabi hejo di Rengas Dengklok

3. Kang Robi kakara datang ti Kutawaluya, Kang Robi nembe sumping ti Kutawaluya

4. Bapa kuring mah asalnya ti Banyusari, Pun Bapa mah kawitna ti Banyusari

5. Lanceuk kuring jadi guru di Ciampel, Pun lanceuk janten guru di Ciampel

Dina basa Sunda, aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa disebutna Tatakrama Basa Sunda. Saacanna, aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa Sunda disebutna Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar.

Tapi kiwari dina bahasa Sunda atawa dina Tatakrama Basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, saperti anu geus dijelaskeun di luhur. Nurutkeun sajarahna, ayana ragam basa dina basa Sunda teh akibat pangaruh tina basa Jawa anu miitina sabot sabagian wilayah Sunda aya dina kakuasaan karajaan Mataram Islam.

Kata Kunci : Ragam Basa Hormat, Ragam Basa Loma, Tatakrama Basa Sunda