Sebutkan ciri ciri khutbah

Posted on

Sebutkan ciri ciri khutbah

Jawaban Terkonfirmasi

Ciri-ciri Khutbah Dalam Bahasa Sunda

Khutbah teh nyaeta mangrupakeun hiji biantara atawa pidato ngeunaan agama, khususna agama Islam, anu dilakukeun dina ibadah khusus, saperti sholat jumat, sholat idul fitri jeung sholat idul adha. Khutbah eusina bisa sarua jeung biantara lianna, nyaeta ngajak ka nu hadir pikeun ngalakukeun kabenaran nu saluyu jeung tuntunan agama. Sanajan khutbah aya saruana jeung biantara nu lianna, aya aturan-aturan khusus anu ngabedakeun antara khutbah jeung biantara lianna.

Aturan-aturan khusus anu ngabedakeun antara khutbah jeung biantara lianna, nyaeta khutbah ngabogaan aturan khusus saperti dina hiji khutbah aya nu disebut khutbah kahiji jeung khutbah kadua, salila khutbah keur dilaksanakeun, nu hadir teu meunang ngobrol, upamana nu hadir ngobrol eta khutbahna teh teu sampurna, nu hadir oge teu meunang keprok, dina khutbah oge teu meunang aya tanya jawab, khutbah teh biantara nu ngan saarah.