Sebutkeun 3 bedana carita wayang di urang jeung carita aslina ti india
Kategori Soal : Bahasa Sunda – Carita Wayang
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Carita wayang teh mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Carita wayang kaasup kana karya sastra dina wangun prosa buhun. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun lianna, salian ti carita wayang, nyaeta saperti dongeng. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta saperti carita pondok atawa carpon jeung novel.
Carita wayang nu aya di wewengkon Sunda, caritana ditulis dumasar kana carita Mahabarata jeung Ramayana nu asalna eta carita teh ti India. Sanajan carita wayang di wewengkon Sunda teh caritana dumasar kana carita nu aya dina carita Mahabarata jeung Ramayana nu asalna ti India, tapi umpama dibandingkeun, carita wayang nu aya di wewengkon Sunda aya bedana jeung carita wayang nu aya di India. Di handap ieu dijentrekeun sawatara bedana carita wayang Sunda jeung carita wayang India :
1. Dina carita wayang Sunda aya tokoh punakawan nyaeta Semar, Cepot, Dewala jeung Gareng. Sedengkeun dina carita wayang India mah teu aya tokoh punakawan Semar, Cepot, Dewala jeung Gareng.
2. Dina carita wayang Sunda mah Dorna teh mangrupa tokoh anu sifatna julig, rehe, sarta pikasebeleun, tur leuwih mihak ka Kurawa ti batan ka pihak Pandawa. Sedengkeun ari dina carita wayang India mah Dorna teh mangrupa guru Pandawa jeung Kurawa anu miboga sifat wicaksana sarta dipikahormat.
3. Dina carita wayang Sunda mah Srikandi teh mangrupa saurang awewe geulis anu jadi pamajikan kaduana ti Arjuna. Sedengkeun dina carita wayang India mah Srikandi teh lain mangrupa saurang awewe.