Sisindiran anu eusina mapatahan nitah bener atawa nyaram salah lampah nyaeta?
Sisindiran anu eusina ngambarkeun karesep atawa kanyaah ka papada jalma di sebut naon ?
Sisindiran anu eusina ngambarkeun karesep atawa kanyaah ka papada jalma di sebut naon?
Jawab: Silihasih
Sisindiran anu eusina mapatahan nitah bener atawa nyaram salah lampah nyaéta?
Jawab: Pépéling
Pembahasan
Sisindiran nyaéta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Sisindiran téh kaasup salahsahiji wangun puisi nu aya dina sastra Sunda. Umpama dina sastra Indonésia mah sisindiran téh siga atawa sarupa jeung pantun. Ditilik tina wangun rumpakana, aya tilu rupa sisindiran, nyaéta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan.
Umpama ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa sisindiran, nyaéta sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, sisindiran nu eusina mangrupa silihasih, jeung sisindiran nu eusina mangrupa sésébréd atawa heureuy. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan.
1. Paparikan
Paparikan téh sisindiran anu diwangun ku dua cangkang jeung dua eusi. paparikan asal kecapna tina 'parik', ngandung harti parek atawa deukeut. maksudna, sora kecap-kecap nu aya dina padalisan cangkang deukeut jeung sora atawa kecap-kecap dina padalisan eusi.
Conto:
- Sawah ngemplang ditanduran (padalisan 1)
- ka huma ngala jarami (padalisan 2)
- Ulah renggang duduluran (padalisan 3)
- dasarna silaturahmi (padalisan 4)
Padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang, padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi.
2. Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina 'rakit', sabangsa alat transportasi di cai. Dijieunna tina awi. Ari wangun rakit téh papak dilebah puhuna, katungtungna mah sakapeung sok rada régol baé. Sisindiran rarakitan mah aya kesan 'papak' lebah 'puhuna'.
Conto:
- Saur saha batik mirah (a)
- sok atuh gera artosan (b)
- Saur saha abdi narah (a)
- sok atuh gera tarosan (b)
3. Wawangsalan
Béda jeung wangun paparikan atawa rarakitan, wangun wawangsalan mah dina padalisan cangkang téh ngandung tatarucingan atawa mangrupa tatarucingan. Ari dina pasalisan eusi nganding wangsal. eta wangsal téh mangrupa kecap atawa fraseu anu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tina tatarucingan téa.
Conto:
Kleup maén bal maung bandung (kalimah cangkang, tatarucigan)
tos nasib kedah paturay (kalimah eusi)
Wangsalna: PERSIB.
Pelajari Lebih Lanjut
1. Matéri sisindiran di : brainly.co.id/tugas/44802560
2. Nyieun sisindiran di : brainly.co.id/tugas/4286832
──────────────
Detail Jawaban:
Mapel: Basa Sunda
Kelas: 8
Bab: Bab 4 – Sisindiran
Kode kategorisasi: 8.13.4
Kata kunci: sisindiran, karesep, kanyaah, mapatahan, nyaram
__jalmiaya