Teks pidato pemimpin bahasa sunda
Jawaban:
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, dina jaman kiwari budaya sunda teh ges te pati di palire ku para nonoman, kumargi seuerna budaya dengen anu asup kana budaya urang.Anu sakuduna urang sadaya teh kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna urang sadaya ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa tur ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi basa urang sapopoe. Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Tah kumargi kitu hayu urang sasarengan ngamumule budaya urang sadayana atanapi budaya sunda.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.mung sakitu anu tiasa ka sanggakeun haputen bilih aya kalepatan sareng kakirangan nana . Hatur nuhun…!
Wassalamu’alaikum wr.wb
Penjelasan:
Maaf jika salah, semoga membantu:)