ULANGAN HARIAN 2 BAHASA SUNDA KELAS 5 SEMESTER II 2020/2021

Posted on

Nama : ……………….
Kelas : 5 ….
Hari/Tgl. : ……………….

Cakra (x) salah sahiji huruf a, b, c atawa d dina jawaban anu pangbenerna!

Pikeun soal nomor 1-2 titènan sajak di handap ieu!

Mun

Mun, gunung-gunung geus jadi lembur
Pasawahan jadi perumahan
Walungan kari ngagulaan
Pakebon jadi gedong sigrong

Mangka langit bakal pinuh polusi
Anginna nebar sakarat
Naraka keur pangeusina
Sawarga nyingkah teuing kamana

(Naha generasi kuring bèt dibeungbeuratan ku karuksakan nu terus diruksak?)

Kènging: Kang Tètèn has
FB-Bandung

1. Kayaan gunung-gunung nu digambarkeun dina sajak "Mun" geus robah jadi ….
a. lembur
b. kebon
c. pasir
d. leuweung
2. Amanat nu hayang katepikeun ku sajak "Mun" nyaèta ….
a. kawajiban ngaraksa lingkungan
b. kudu loba nyieun gedong
c. kudu getol digawé di lembur
d. kudu nambahan polusi
3. Dialog paling saeutik dilakukeun ku ….
a. 5 urang
b. 4 urang
c. 3 urang
d. 2 urang
4. Upacara tèh dilaksanakeun di ….
a. kebon
b. alun-alun
b. pasir
c. gunung
5. Jelema anu iklas ngorbankeun jiwa ragana pikeun ngabèla kabeneran disebutna ….
a. dèrmawan
b. hartawan
c. pahlawan
d. seniman
6. Ka kolot urang kudu ….
a. hèwa
b. patuh
c. ngabentak
d. ngalawan
7. Carita pondok nyaèta caritaan anu nyaritakeun hiji tokoh dina hiji waktu. Tokoh dina carpon disebutna ….
a. palaku
b. panata acara
c. pangarang
d. sutradara
8. Cara maènkeun suling nyaèta ….
a. ditepak
b. dipencèt
c. ditiup
d. ditakol
9. Tulisan dèskripsi ngagambarkeun hal kalawan ….
a. basajan
b. bohong
c. tètèla
d. disumputkeun
10. Dina gaul jeung babaturan urang teu meunang ….
a. bageur
b. somèah
c. sirik
d. darèhdèh
11. Sajak nulisna digunduk-gunduk anu istilahna pada, dina basa Indonesiamah disebutna ….
a. bait
b. kalimat
c. baris
d. suku kata
12. Ludeung sarua hartina jeung ….
a. borangan
b. wani
c. sieun
d. poèk
13. Dina waktu ngalakukeun dialog atawa ngobrol urang kudu ….
a. tarik
b. sopan
c. ngagorowok
d. molotot
14. Lauk anu sok diingu dina Balong nyaèta ….
a. mas koki
b. mujaèr
c. lohan
d. cupang
15. Dina carita pondok aya tempat kejadian anu istilahna ….
a. alur
b. palaku
c. sutradara
d. latar
16. Indung tunggul rahayu, bapa … darajat.
a. akar
b. daun
c. tangkal
d. kembang
17. Ngajaga kaèndahan lingkungan sabuderan imah bisa dilaksanakeun ku cara ….
a. nèmbok buruan
b. mager sakuriling imah
c. teu kudu disapuan
d. pepelakan diburuan
18. Pahlawan anu asalna ti Jawa Barat nyaèta ….
a. Dewi Sartika
b. Radèn Ajeng Kartini
c. Cut Nya Dièn
d. Hèrlina Èfèndi
19. Barudak keur arulin di buruan imah.
Kecap arulin makè rarangkèn tengah ….
a. al
b. in
c. um
d. ar
20. Ciri tulisan deskripsi diantarana, iwal ….
a. sistématis
b. ngawincik
c. ngagunakeun kecap nu mernah
d. ngagunakeun bahasa nu alus.​

ULANGAN HARIAN 2 BAHASA SUNDA KELAS 5 SEMESTER II 2020/2021

Jawaban:

Brainly pernah berpesan tidak boleh membantu orang yg sedang ulangan atau ujian dll...

Penjelasan:

Btw thanks ya poin nya walau g banyak

@janganlupafollow

@jadikanjawabantercerdas