Wartawan:Assalamualaikum.andika damang?punten sim kuring nyangkolong waktos saderek.

Posted on

Andika:Wa'alaikumsalam.mangga,teu sawios.aya ny tiasa dibantos?
wartawan:Muhun sateuacana sim kuring nepangkeun hela,pun Dadan,wartawan ti majalah sunda
Andika:oh,hatur nuhun tiasa ditepangkeun.aya perkawis naon nya?sok asa rareuwas?
wartawan:ah teu kedah reuwas.dina pasanggiri biantara taun ieu saderek janten pinnjul kahiji tingkat jawa barat.leres?
andika:sumuhun,leres pisan
wartawan:wilujeng ngiring bingah.dupi jengengan lengkep saderek saha sareng wawakil ti mana?
andika:hatur nuhun.sim kuring wawakil ti kabupaten subang
wartawan:dupi sakolana?
andika:di smp negeri subang,kelas dalapan
wartawan:naha saderek bet milih ngiringan biantara?
andika:margi sim kuring hoyong nguji kamampuh nyarios payuneun balarea
wartawan:ti iraha saderek sok ngiringan pasanggiri?
andika:saleresna mah nembean ngiringan ti tingkat provinsi mah.mung sateuacana ngiringan pasanggiri disakola,teras di tingkat kabupaten.alhamdulilah janten pinunjul kahiji,boh di sakola boh dikabupaten,manawi ayeuna diutus ngawakilan ka provinsi oge
wartawan:janten tos pangalaman panginten nya ngiring pasanggiri biantara teh.upami bade ngiringan biantara,kumahatah tataharna,lami heunteu.
andika:lami oge.anu taun ieu wae latihan teh aya kana dua sasihna.
wartawan:saha nu ngalatihna?
andika:pami nuju persiapan ngiringan pasanggiri di sakola mah latihan nyalira bae.pas bade di kantun ka tingkat kabupaten nembe diaping ku guru basa sunda .kitu pas bade ka tingkat provinsi,latihan teh diaping deui ku pangaping nu disayogikeun ku dinas pendidikan.kaleresan pangaping nu di tunjuk ku dinas pendidikan teh guru basa sunda sim kuring di sakola
wartawan:wah,kaleresan pisan atuh.dupi hadiahna naon bae?
andika:kenging piala ti bapa gubernur,piagem,sareng artos weh anu ageungna dua juta rupia
wartawan:uluh uluh,ageung oge hadiahna.kumaha tah perasaan saderek janten pinunjul di tingkat provinsi teh?
andika:tangtosna oge bingan pisan.sesah ngagambarkeuna
kenging cape latihan teh aya hasilna.kanten pun biang mah dugi kq nangis,panginten ku teu kinten ngaraos bingahna
wartawan:muhun,tangtos.kanggo naon tah hadiahna?
andika:sementawis mah bade di tabungkeun wae,kanggo bekel neraskeun ka SMA
wartawan:muhun,sae pisan.rupina parantos cekap.hatur nuhun parantos kersa ngobrol sareng sim kuring.
andika:muhun,sami sami.hapunten bilih waleran sim kuring kirang nyugamkeun.

jieunkeun warta dina percakapan tiLuhur

Wartawan:Assalamualaikum.andika damang?punten sim kuring nyangkolong waktos saderek.

Itu bahasa apaan? saya g ngerti